Khutbah Jumat Bahasa Sunda 22 Agustsus 2025: 5 Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal di mana mengonsumsi makanan halal membawa dampak dan manfaat yang luar biasa, antara lain menjadi energi positif, melahirkan keturunan yang saleh, dekat kepada terkabulnya doa, memperbaiki keadaan hati, dan menjauhkan diri dari berbagai penyakit.
Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Kapunjulan Ngonsumsi Kadaharan Halal”.
Khutbah I
ADVERTISEMENT
SCROLL TO RESUME CONTENT
إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، : يَا أَيُّهَا النَّاسُ كُلُوا مِمَّا فِي الْأَرْضِ حَلَالًا طَيِّبًا وَلَا تَتَّبِعُوا خُطُوَاتِ الشَّيْطَانِ إِنَّهُ لَكُمْ عَدُوٌّ مُبِينٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Sidang Jumah anu mulya,
Puji syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh anu Maha Gofur, Dzat anu parantos maparin rupi-rupi kanikmatan ka urang sadayana, utamina ni’mat iman, Islam, sareng ihsan.
Solawat kalih salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Saw, miwah kulawargina, para sahabat, para tabi’in, tabi tabi’inna, dugika urang sadayana.
Dina ieu kasempetan, khotib teu weleh ngawasiatan ka pribadi miwah ka jama’ah Jum’ah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh Swt malah mandar urang tiasa ngahontal rohmat oge rido Mantenna.
Sidang Jumah anu mulya,
Ari ngonsumsi kadaharan anu halal teh mangrupikeun parentah syariat. Jelas tur atra kanggo urang sadayana ayat anu parantos nguningakeunnana, sakumaha dawuhan Allah dina Al-Quran:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ كُلُوا مِمَّا فِي الْأَرْضِ حَلَالًا طَيِّبًا Anu pihartosennana, wallohu a’lam bimurodih, “He sakabeh manusa, dahar nu halal halal tur hade tina perkara anu aya di muka bumi,” (QS Al-Baqarah: [2] 168).
Numutkeun Imam Al-Ghazali, dina Ihya Ulumiddin, jilid 2, kaca 91, maksad ayat anu neme ngawengku kana halal anu sifatna dzatiyah (wujud fisikna) sareng halal anu sifat asal-muasalna.
Contona, halal dzatiyah sapertos tutuwuhan atanapi daging-dagingan anu dimeunangkeun tur diproses sesuai katangtuan syareat. Sedengkeun katuangan anu halal sacara asal-muasalna sapertos katuangan anu sumberna tina usaha sareng kasab anu halal.
Hartosna, katuangan anu halal dzatiyah, tapi dikengingkeun ngalangkungan cara anu haram, sepertos tina kasab maok, maka tetep dianggap teu halal. Salajengna, nuang kadaharan halal ngagaduhan 5 mangfaat keur anu ngajalankeunana.
Kahiji, katuangan halal janten energi positif kana ibadah. Jalma anu biasa mengonsumsi katuangan anu halal, maka anjeunna bakal ngaraos hampang sareng sumangat dina ngalaksanakeun ibadah sareng kawajiban. Patokanana sakumaha anu paratos diuningakeun ku hiji sufi terkemuka, nyaeta Sahl At-Tustari:
مَنْ أَكَلَ الْحَرَامَ عَصَتْ جَوَارِحُهُ، شَاءَ أَمْ أَبَى، عَلِمَ أَوْ لَمْ يَعْلَمْ. وَمَنْ كَانَتْ طَعْمَتُهُ حَلَالًا أَطَاعَتْهُ جَوَارِحُهُ وَوُفِّقَتْ لِلْخَيْرَاتِ
Hartosna, “Jalmi anu nuang perkara haram, maka bakal ma’siat anggota badanna, daek teu daek, uninga teu uninga. Sabalikna, jalma anu nuang katuangannana halal, maka bakal ditoatkeun anggota badanna sareng dicalikkeun dina rupi-rupi kasaean.”
Hartosna, nalika urang hoream oge teu sumanget kana ibadah, malah rada wani ninggalkeun kawajiban, parios katuangan anu dikonsumsi ku urang, naha tos halal atanapi teu acan, kasab urang tos halal atanapi teu acan. Kadua, katuangan halal janten jalan diijabahna du’a anu dipanjatkan ka Alloh Swt.
Hal ieu dumasar kana salah sawios hadits sohabat Sa’d bin Abi Waqash anu kantos nyuhunkeun pandangan ka Kangjeng Rosul supados du’a-du’ana diijabah. Lajeng Kangjeng Rosul Saw. ngawaler:
يَا سَعْدُ، أَطِبْ مَطْعَمَكَ تَكُنْ مُسْتَجَابَ الدَّعْوَةِ، وَالَّذِي نَفْسُ مُحَمَّدٍ بِيَدِهِ، إِنَّ الْعَبْدَ لَيَقْذِفُ اللُّقْمَةَ الْحَرَامَ فِي جَوْفِهِ مَا يُتَقَبَّلُ مِنْهُ عَمَلَ أَرْبَعِينَ يَوْمًا
Hartosna, “He Sa‘d, omekeun kadaharan anjeun, mangka du’a anjeun bakal mustajab. Demi Dzat anu ngagenggem jiwa Muhammad, saenya-enyana hiji hamba anu ngasupkeun sahuap kadaharan haram kana jero beuteungna, mangka moal ditarima amalna salila 40 poe,” (HR At-Thabrani).
Walhasil, hayu urang perhatoskeun katuangan anu lebet kana padaharan urang, lamun urang gaduh du’a anu hoyong diijabah ku Nu Maha Kawasa.
Halaman : 1 2 Selanjutnya