Sanes kanten kalebet sasih anu dimulyakeun ku Alloh dina Al-Quran, sasih Muharram oge leubeut pisan ku kautamaan sanesna, di antawisna nyaeta: Kahiji, ditikel-tikelna ganjaran kasaean.
Sakumaha diuningakeun ku Imam Al-Ghazali dina kitab Ihya Ulumiddin, Jilid I, kacac 215, dina ieu sasih urang dianjurkeun pisan nyeueurkeun kasaean, oge nebihan sagala rupi padamelan zholim sareng dosa.
Anapon bentuk kasaeannana tiasa mangrupikeun ibadah spiritual atanapi ibadah sosial. Di antawisna ku nyeueurkeun netepan sunat, saum sunat, ngaos Al-Quran, sedekah, atanapi santunan ka murangkalih yatim sareng du’afa.
ADVERTISEMENT
SCROLL TO RESUME CONTENT
Sanaos saum Asyuro parantos kalangkung, tapi urang masih keneh tiasa ngalaksanakeun saum sunnah sanesna. Salah sawios kautamaan saum sunnah dina ieu sasih, diuningakeun ku Kangjeng Rosul dina hadits riwayat Imam Muslim: أَفْضَلُ الصِّيَامِ بَعْدَ رَمَضَانَ شَهْرُ اللَّهِ الْمُحَرَّمُ
Hartosna, “Puasa anu paling utama saparantos puasa Ramadhan nyaeta puasa dina bulan Alloh, Muharram,” (HR. Muslim).
Marakna saum sunnah dina sasih Muharram, utamina dina dintenan Asyuro, dijelaskeun ku Imam Ibnu Katsir dina kitab Al-Bidayah wan Nihayah, jilid I, kaca 273.
Dicarioskeun nalika ngawitan sumping ka Madinah, Kangjeng Rosul saw. ningal umat Yahudi saraum Asyura mangrupikeun wujud syukur kana disalametkeunna Nabi Mus, maka kangjeng Rosul saw teras nganyatakeun yen umat Islam langkung hak kanggo turut kana sunnah Nabi Musa, sahingga mantenna oge nganjurkeun saum dina eta dinten.
Kadua, patali sareng kajantenan sejarah. Utamina dina kaping 10 Muharram anu sok biasa disebat dintenan Asyuro.
Dina eta dinten seueur pisan kajantenan penting, di antawisna disalametkeunnana Nabi Musa sareng kaumnya tina udagan Raja Fir’aun, disalametkeunnana rombongan Nabi Nuh a.s. sareng kaumna tina kapal, dikaluarkeunnana Nabi Yunus a.s.
tina beuteung lauk anu ngaleglegna, ditampina taubat Nabi Adam, Salametna Nabi Ibrahim tina seuneu Raja Namrud, sareng sajabina.
Kajantenan anu teu eleh pentingna nyaeta hijrah atanapi ngalihna Kangjeng Rosul saw ti Mekkah ka Madinah. Sakaligus eta kajantenan teh janten titi mangsa dikawitanna etangan taun Hijriah.
Tah, dina taun ayeuna teh urang ningcak kana taun 1447 Hijriah. Ku hal sakitu, ku dongkapna taun anyar hijriah ieu, sakedahna urang oge ngiring hijrah.
Nanging tangtosna, sanes hijrah sapertos Kangjeng Rosul, ngalihna padumukan ti Mekkah ka Madinah, tapi urang mah hijrah atanapi ngalih tina awon kana sae, tina kedul kana getol, tina ma’siat kana to’at, tina poho ka Alloh kana eling ka Alloh, sareng sajabina.
Halaman : 1 2 3 Selanjutnya