Katilu, katuangan anu halal janten sebab dipasihan katurunan anu soleh atanapi solehah. Hal ieu dumasar kana cariosan kersana Syekh Abdul Qadir Al-Jailani, dina kitab Al-Ghunyah, juz I, kaca 103, anu ngajelaskan:
إذَا ظَهَرَتْ أَمَارَاتُ حَبْلِ الْمَرْأَةِ فَلْيُصَفِّ غِذَاءَهَا مِنَ الْحَرَامِ وَالشُّبُهَاتِ لِيُخْلَقَ الوَلَدُ عَلَى أَسَاسٍ لَا يَكُوْنُ لِلشَّيْطَانِ عَلَيْهِ سَبِيْلٌ
Hartosna, “Nalika nampak tanda-tanda kahamilan hiji istri, maka sakedahna si caroge ngajaga kadaharan tina perkara haram sareng syubhat supaya anak nu dikandungna aya dina fondasi anu teu tiasa kahontal ku setan.”
ADVERTISEMENT
SCROLL TO RESUME CONTENT
Maka kalintang hadena nalika kabiasaan nyingkahan kadaharan haram sareng syubhat teh dikawitan ti prosesi akad nikah oge diteraskeun kana kahamilan tug dugika kalahiran murangkalih.
Sabab ku cara kitu, setan moal tiasa gerak oge moal tiasa laluasa ngagoda. Salajengna, harepan lahir anak anu soleh, bakti ka Alloh sareng ka ibu-rama bakal ngawujud. Sidang Jumah anu mulya, Kaopat, katuangan anu halal masihan mangfaat keur meresihkeun hate.
Sedengkeun hate anu beresih mangrupikeun jalan keur ngalebur sagala rupi panyakit sareng kahariwang hate, anu kadituna hate anu beresih matak ngondang kana cahaya, hikmah, sareng rahasia Ilahiyah. Hal ieu sakumaha anu parantos dijelaskeun dina salah sawios hadits:
مَنْ أَكَلَ الْحَلَالَ أَرْبَعِيْنَ يَوْماً، نَوَّرَ اللهُ قَلْبَهُ وَأَجْرَى يَنَابِيْعَ الْحِكْمَةِ مِنْ قَلْبِهِ عَلَى لِسَانِهِ
Hartosna “Sing saha jalma anu ngadahar kadaharan halal salami 40 poe, maka Alloh bakal nyaangkeun hatena sareng bakal ngalirkan sumber-sumber elmu hikmah tina hatena kana lisanna,” (HR Abu Nu’aim).
Nu matak saur kersana Syekh Abdullah bin ‘Alawi al-Haddad, sakumaha dikutip ku Zain bin Smith, al-Manhajus Sâwî, kaca 561, keur jalmi anu tos jero tasawufna, ngajernihkeun hate ditempuh ngalangkungan tilu kabiasaan, nyaeta (1) ngurangan kadaharan sareng ngajaga kahalalannana, (2) teu seueur muamalah jeung jalma anu gede nafsu duniawina, oge (3) salilana inget kana kamatian supaya teu seueur ngakhayal.
Kalima, kadaharan anu halal ngajauhkeun rupi-rupi panyakit. Hartosna, salian ti faidah batiniah, nuang kadaharan halal oge nyandak faidah lahiriah malahan tiasa dirasakan langsung ku badan. Cohagna, kadaharan anu halal nyandak barokah kana kasehatan urang.
Sabalikna, kadaharan anu teu halal ngondang kana panyakit sareng kamadaratan. Tangtos ku urang oge kaperhatoskeun, seueur pisan ayeuna rupi-rupi panyakit anu timbul tina kadaharan, utamina tina kadaharan anu berlebihan, sumawona anu teu halal mah.
Nu matak Kangjeng Rosul maparin tetenger keur urang, salian ti ngajagi kadaharan teh, miwarang puasa: صُوْمُوْا تَصِحًّوا Hartosna, “Prak aranjeun puasa, maka bakal sehat,” (HR. Ath-Thabrani).
Tah eta lima faidah nuang kadaharan anu halal. Mudah-mudahan tiasa kaperhatoskeun sareng kajalankeun ku urang, supados urang tiasa metik lima faidah eta, anu insya kalintang pohara manfaatna kanggo jiwa tur raga urang.
Tos waktosna urang ngutamikeun nu halal. Kantenan urang miharep rido Alloh oge miharep kani’matan katuangan akherat. Di dunya ulah sambarangan, sumawona nu teu halal.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ. وَنَفَعَنِي وَاِيِّاكُمْ بمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَاالسَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأسْتَغْفِرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ بِنِعْمَتِهِ تَتِمُّ الصَّالِحَاتُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنْ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لَانَبِيَّ بَعْدَهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَمَّا بَعْدُ، فَيَا آيُّهَا الحَاضِرُوْنَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى.أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. إنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وسَلِّمُوا تَسْليمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَللَّهُمَّ آمِيْن يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ. اللَّهُمَّ اغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَ ذُنُوْبَ وَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلًّا لِّلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَّحِيمٌ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِي وَلَكُمْ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Halaman : 1 2